UCAPKAN BASMALLAH dan HAMDALAH SEBELUM dan SESUDAH
TERIMA KASIH TELAH BERKUNJUNG
SILAKAN TUNGGU untuk BERSILATURRAHMI

Minggu, 16 Juni 2013

Kumpulan Resensi Novel Basa Sunda



Sinopsis Novel “Maju Jurang Mundur Jungkrang”
Sulanjana anu profesina guru sakola anu pinter ngibing, kasep jeung pikaresepeun jalma disakurilingna boh anu deukeut atawa anu rada jauh. Guru Jana teh anak tihiji awewe katurunan juragan anu katelah kabeungharanana, baheulana indungna kawin kahiji lalaki nu can diwawuhanana, da geus bogoh tea langsung bae indung Sulanjana teh kawin kalalaki eta, anu can katelah watek jeung kalakuanana tea. Sanggeus kawin indung Sulanjana teh manggihan kumaha watek anu saenyana ti salakina, salakina sok maen jeung palacuran. Anu leuwih parahna sanggeus rada lila ti eta, salakina kapanggih maehan akina Sulanjana. Sanggeus kitu breg bae indung Sulanjana gering ripuh, harita teh manehna geus lila diserahkeun ku salakina kusabab geus teu boga deui harta banda keur modal salakina maen jeung palacuran.
Harita manehna dibaturan ku Sulanjana anu keur mejeuhna imut. Indungna ngomong ka Sulanjana yen lamun dikersakeun indungna maot indungna mere amanat ka Sulanjana yen manehna kudu maehan bapana anu geus maehan akina jeung nganyerihatekeun indungna. Bapa Sulanjana teh nyaeta kuwu Surangga nu korup tur bejad ahlakna. Sanggeus Sulanjana gede tur wanian manehna nyieun acara drama anu tujuanana pikeun ngingetan bapana supaya disadarkeun. Acara etateh nyaritakeun kahirupan Sulanjana baheula keur aya keneh Indungna. Acara eta dihadiran ku menak, pulisi, camat, tur kuwu Surangga jeung rahayat. Keur lumangsung eta drama, anu kabeneran sulanjana jadi pamaenna, sulanjana geus teu kuat nahan nafsu anu nyuruwuk tina dirina, tuluy Sulanjana turun tina panggung mawa bedog bari neangan Surangga. Karek ge deuk kapanggih, Surangga teh geus dipaehan ku jalma anu lian anu boga dendem ka Surangga. Tidinya sulanjana ngarasa salah sabab manehna geus boga niat maehan bapa sorangan. Tapi diwaktu eta teh Sujanjana rada kahibur, kusabab dibaturan ku Nok Saniah anu katelah geulisna anakna kiai bapa terena Sulanjana, Nok Saniah maatahan ka Sulanjana yen manehna teh kudu tobat ka Allah, jeung didinya teh Nok saniah ngebrehkeun ka Sulanjana yen manehna teh daek ngajadikeun sulanjana panutanana.
Sinopsis Novel “Buron”

Andika téh pangalana ukur tina nulis jeung sakapeung sok buburuh narjamahkeun artikel atawa nyusun skripsi mahasiswa-mahasiswa. Manéhna deudeuh pisan ka Umi. Naon waé dilakonan demi ngabungahkeun Umi. Sanajan kitu, Manéhna sok ngarasa dosa lamun mangnyieunkeun skripsi batur lantaran ngarasa geus ngabobodo nagara ku beuki lobana sarjana-sarjana nu make skripsi lain jieunan sorangan. Nepika di hiji poé, naskah Manéhna di tolak ku rédaksi. Padahal Manéhna haying pisan ngabungahkeun Umi ku nyumponan angen-angen nu dipikahareup ku Umi. Minuhan imah ku parabot anu di beuli ku Manéhna sorangan.
Tapi teu lila ti éta Andika ditawaran mémérés susunan kalimah acak-acakan dina buku palajaran keur barudak SD ku Partuji. Pagawéan anu teu sabaraha bari gajih gedé. Singhoréng éta tempat gawé Manéhna téh mangrupakeun sindikat narkotika. Buku nu dijualna mah ukur sapeuti, séjénna mah lain buku. Lantaran ku kitu, manéhna jeung Umi pindah ka kampong. Manéhna ngarasa geus jadi buron.
Di kampung téh Umi ngarasa teu betaheun. Tuluy Andika nitah Umi pikeun ngasupkeun naskah nu make ngaran Umi ka panerbit di kota. Sanggeus kitu, ngaran Umi Sumirah téh jadi kasohor sangkan pangarang wanoja di éta kota. Di kota éta, Umi kapanggih jeung pangarang bageur nu ngaranna Asmara. Tuluy Asmara téh resepeun ka Umi. Ngan hanjakal Umi téh keukeuh embung lantaran geus boga salaki di kampong.
Dina hiji poé, gunung di kampong Umi téh bitu. Andika salaku salakina téh ngaleungit. Umi anu meunang karangan ti Andika geus teu biasa nanaon. Manéhna kabur ka salah sahiji kampong lantaran sieun ku wartawan nu tatanya ngeunaan kahirupan Manéhna.
Di kampung éta téh Umi nyumput ti serbuan wartawan. Saking ku sieunna ka wartawan, Manéhna di anggeup jelema gélo. Tapi untungna aya dokter bageur anu nulungan jeung ngadatangkeun Asmara nu mérv nyaho kaayaan Andika. Sanggeus kitu nganterkeun Umi papanggih jeung Andika.

Sinopsis Novel “Nu Kaul Lagu Kaleon”
 “Ke…ke… naon bentenna ari kawih nu disebut lagu panambih sareng nu sok dipirig ku gamelan?” cek Yati bangun panasaran.
“Taya bentenna meueus-meueus acan,” walon Kang Atma, “Eta-eta keneh hakekatna mah. Bentenna ngan ukur lebah lagam ngahaleuangkeun. Ku margi lagamna lagam mamaos, tur dipirigna ku kacapi indung sareng rincik sareng suling ; sareng ku margi geus matuh sok dikantetkeun jeung kawih lagu panambih. Padahal upami eta lagu panambih dihaleuangkeun dina pirigan gamelan, kontan harita keneh moal disebat lagu panambih, tapi lagu kawih! Moal disebat nembangkeun deuih, tapi tangtuna oge ngawihkeun. Sabalikna, upami lagu kawih nu biasa dipirig ku gamelan, dialihkeun kana pirigan kacapi sareng suling, dihaleuangkeun nganggo lagam mamaos, harita keneh baris disebat lagu panambih sarta disadapurankeun jeung mamaos.”
Nu ngadengekeun teh arunggut-unggutan bangun ngarti.

Sinopsis Novel “Panganten”
Rinrin, tokoh utamana dina ieu novel boga kabogoh anu ngaranna Iyang alias Gumilang. Iyang teh maot gara-gara OD di Cipanas. Leungiteun ku Iyang, Rinrin layeut jeung Ben babaturan sakamarna Iyang. Terus dalit jeung Suminar alias Lisa Kudrow. Di Partenon teh Rinrin jeung Suminar sok ngaroko jeung nguyup arak. Saking layeutna Rinrin jeung Suminar teh sok diajak maok ka unggal Mall jeung sok sare bareng di Partenon. Tapi Suminar teh maot, maotna teh ku lantaran aborsi, da keur kakandungan teuing ku saha. Dina pamustungannana Rinrin gé hayang kawin teuing ka saha jeung teu jelas sabab kusababna manéhna hayang kawin. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan manéh tepi ka hanteuna, manéhna ngarasa geus laksana papanganténan.



Sinopsis Novel “Babalik Pikir”
Eméd nyaéta budak anu bangkarwarah nepi ka diasupkeun kana bui. Tapi, ahirna mah jadi tobat, tara deui ngalawan ka kolotna.
Ti mimiti dicaritakeun, si Eméd téh budak nu ngedul, sok ngalawan ka kolotna, mawa karep sorangan jeung teu nurut ka omongan kolotna. Contona, dina carita basa indungna nitah nganteurkeun deungeun sangu pikeun bapana tuang, malah ulin langlayangan nu si Junan nepi ka pegatna. Atuh dicarékan ku kolot si Junan. Kitu baé kalakuanna, ngan ulin udar-ider.
Basa harita bapana balik ti sawah, bapana dipacok oray nepi ka maotna. Tapi, carita didieu Samsoedi ngasupkeun kana kasedihan si Eméd, yén si Eméd boga kénéh rasa prihatin. Si Eméd jadi getol barang gawé. Tapi ngan saukur sakeudeung. Nepi ka indungna pusingeun. Si Eméd dititah indit ku indungna teras manéhna teu dihaja nonjok si Jasim nepi ka mastakana ninggang batu curi seukeut nepi ka baloboran getih, raheutna héjo.
Si Eméd indit ka dayeuh teras disangka jadi bangsat. Diasupkeun wékana bui. Tapi, di ahir carita, caritana sedih tura aya bungahna ogé. Sedihna, sobatna nyaéta si Joko nu sok mangbélakeun basa manéhna di bui, maot. Sabab bus nu ditaekkan basa geus kaluar ti bui asup ka jungkrang. Bungahna, si Eméd bisa balik ka lemburna teras diaku kénéh ku indungna jeung dihampura kasalahanna. Si Eméd geus boga pagawéan nu sarua jeung pangabisana, nyaéta manday. Heunteu deui ngan ulin udar-ider.


Resensi Novel “Lembur Singkur”


Dina hiji peuting, lembur singkur di serang ku gorombolan batur. Tentara OKD (Organisasi Keamanan Desa), nyangka yén anu nyerang éta lembur téh aya patalina sareng nu jadi tokoh bapa. Jadi waktos gorombolan tarurun ti gunung ka lembur singkur, si budak lalaki nu hayang tepang teu panggih sareng bapana, anu di arep-arep téh saenyana geus lestari.